Sunda
Sunda mangrupa idéntitas pikeun hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana. Sunda asalna tina kécap Su nu hartina sagala nu ngawengku unsur kaalusan. Urang Sunda miboga kayakinan yén ngabogaan etos atawa karakter Kasundaan, salaku jalan ka kautamaan hirup. Karakter Sunda nu dimaksud nyaéta cageur (sehat), bageur (baik), bener (benar), singer (mawas diri), jeung pinter (cerdas). Karakter ieu geus dituluykeun ku masarakat nu cicing di Jawa barat ti jaman Kerajaan Salakanagara.
Aya sababaraha definisi sunda nurutkeun para ahli, diantarana nyaéta:
- Sund hartina moncorong (A Sanskrit-English Dictionary karangan Monier Williams)
- Kécap Sunda dina An Index to the names in the Mahabharata karangan S. Sorensen disebutkeun yén:Ngaran Dewa Wisnu, Ngaran Daitya (Buta) anak Nisunda (Nikhumba) jeung dulurna Upasunda. Ieu dua dulur téh silihpaéhan lantaran marebutkeun Widatina geulis nu ngaranna Tilottama.
- Dina Kamus Jav-Ned. Handwoordenbook karangan J.E.C. Gericke jeung T. Roorda disebutkeun yén Sunda téh hartina numpuk, nyusun, ngarangkep, kécap atawa sora dirajek. Upama dijieun candrasangkala hartina dua, asalna tina basa Jawa unda anu hartina :Ngunda (jangkrik anu rek diadukeun), Ngapungkeun (langlayangan). Dina basa Jawa tunda hartina tumpukan, susun.
- Sunda hartina éndah, dina carita Mundinglaya Dikusumah aya garwa Prabu Siliwangi anu jenenganana Nyai Mantri Manik ManuSunda, sakapeung disebut Kentring Manik ManuSunda, anu hartina Nyai Mantri Permata Ciciptan anu Endah.
- Numutkeun kana basa Sansakerta anu mangrupa induk basa-basa Austronesia, harti sunda téh aya genep, nyaéta :Bercahaya, terang benderang, Anu ngarawat alam/dunya, Satria anu ngabogaan tanaga gedé, Satria anu trampil, Bodas beresih, Ngaran gunung di beulah kalér kota Bandung.
- Numutkeun basa Kawi (Kawi-Javaans Woordenbook karangan C. F. Winter Sr.) aya opat harti Sunda, nyaéta :“Cai” hartina daérah anu loba cai, “Tumpukan” hartina subur, “Pangkat” hartina ngabogaan kualitas, “Waspada” hartina ati-ati
- Numutkeun basa Jawa aya lima harti Sunda, nyaéta :“Tersusun” hartina tartib, “Nyatu/Bersatu” hartina hirup rukun, “Angka dua (candra sangkala)” hartina saimbang, “Naék” hartina kualitas hirupna terus naék, “Terbang melambung” hartina beuki naék kualitasna.
- Numutkeun pamanggih G.P Rouffaér kecap sunda asalna tina basa hindu, nyaéta :Sund hartina moncorong, Ngaran dewa wisnu, Ngaran daitya (buta), Ngaran hiji monyet, Cuddha hartina bodas, Sa-udha, Sa-tunda hartina panundaan/gudang, Sugema.
- Numutkeun basa Sundana, kecap Sunda ngabogaan harti :“Lumbung” hartina subur makmur, “Sonda” hartina alus, “Sonda” hartina unggul, “Sonda” hartina senang, bungah, “Sonda” hartina sarua jeung kahayang haté, “Sondara” hartina lalaki anu kasép, “Sondari” hartina awéwé anu geulis, Pinuh ku rasa kanyaah, Éndah.
- Bahasa Kawi
- SUNDA hartina cai
- SUNDA hartina jumplukan
- SUNDA hartina pangkat
- SUNDA hartina ati-ati
- Bahasa Jawa
- SUNDA hartina ngéntép seureuh
- SUNDA hartina ngahiji
- SUNDA hartina angka dua (2) dina itungan candrasangkala atawa suryasangkala
- SUNDA asalna tina kecap unda, artina naék
- SUNDA hartina ngapung
Pamuka
Kecap Sunda bisa nujul ka rupa-rupa harti nu sacara umum patali jeung wewengkon bagian kulon kapuloan Indonésia. Titinggal sajarah pangheubeulna nu nyebut-nyebut kecap Sunda nyaéta prasasti Kebonkopi 2 nu dijieun taun 536 M (atawa 458 Saka) dina basa Malayu nu nujul ka karajaan Sunda (aya ogé nu boga pamanggih yén prasasti ieu dijieun taun 932 M, atawa 854 Saka).
Widang géografi/géologi
Istilah-istilah dina widang géografi/géologi nu ngagunakeun kecap "sunda" diwanohkeun ku pangumbara Kulon ti Éropa, di antarana
- Kapuloan Sunda Gedé
- Kapuloan Sunda Leutik
- Selat Sunda
- Laut Sunda
- Amparan Sunda
Kecap ieu sigana asalna tina basa Sangsakerta nu hartina 'cahya' atawa 'cai'.
Pakuan Pajajaran
Pakuan Pajajaran (atawa Pakuan/Pakwan atawa Pajajaran) nujul ka puseur dayeuh pamaréntahan Karajaan Sunda, hiji karajaan nu kungsi aya di Tatar Sunda, wewengkon kulon pulo Jawa. Di puseur ieu karajaan, Prabu Susuktunggal (ngawasa 1382-1482) ngadegkeun karaton/kadaton karajaan nu katelah "Sri Bimapunta Narayana Madura Suradipati".
Ngaran/sebutan Pakuan Pajajaran kapanggih dina sababaraha titinggal arkéologis mangrupa prasasti jeung sababarahanaskah Sunda kuna, di antara prasasti Batutulis (abad ka-14), prasasti Kabantenan, naskah Carita Parahyangan (1580) jeung Fragmén Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru (abad ka-18), jeung naskah MSA.
Pakuan Pajajaran munggaran diadegkeun ku Tarusbawa taun 669 M, nu asalna mangrupakeun wewengkon Sunda Sambawa, rajamandala (raja bawahan, vassal) handapeun kakawasaan Tarumanagara. Nalika taun 669 raja Taruma (Linggawarman) pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna (sabab teu boga anak lalaki) ti Sunda, nyaéta Tarusbawa. Ragragna kakawasaan ka Tarusbawa ieu ngabalukarkeun Galuh misahkeun manéh, sedengkeun Tarusbawa ogé horéng leuwih milih mingpin sésa kakawasaan Tarumanagara ieu ti Sunda (sahingga salajengna ngadeg karajaan Sunda). Kusabab Galuh misahkeun manéh, wilayah Tarumanagara ieu kabagi dua nu watesna walungan Citarum: béh kulon ku Sunda, béh wétan ku Galuh.
Dina catetan sajarah nu geus kagali, nu ngabaru/mindahkeun (deui) puseur karajaan ka Pakuan téh nyaéta Rahyang Banga(ti Galuh, 759), Darmasiksa (ti Saunggalah), jeung Jayadéwata (ti Kawali, 1487).
Pakuan Pajajaran katut karajaan Sundana diruntuhkeun ku Kasultanan Banten dina taun 1579.
Dina bukuna, Mencari Gerbang Pakuan, suwargina bapa Saleh Danasasmita, nyaritakeun yen urang Walanda anu ngaranna Abraham van Riebeeck kungsi nyukcruk galur mapay laratan eta dayeuh tepi ka dua kali nyaeta taun 1703 jeun taun 1704.
Ngarujuk kana buku Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2, karya suwargina bapa Edi S. Ekajati, Dr. F. De Haan ngagambarkeun perenahna Pakuan Pajajaran dina bukuna "Priangan", taun 1912.
Pajajaran Nurutkeun Naskah Wangsakerta
Naskah Wangsakerta, anu ngarupakeun sumber sekunder (sumber lain ti jamanna anu ditulis ku eta naskah), nyabit-nyabit Pajajaran sabage ngaran karajaan kalayan rajana anu munggara nyaeta Sri Baduga Maharaja (disebut oge Prabu Siliwangi).
Ngan aya beda antara sumber sekunder kasebut jeung sumber primer (warta ti jamanna) boh mangrupa cutatan saksi mata urang Portugis boh mangrupa eusi Prasasti Tugu. Prasasti Tugu sarta saksi mata urang Portugis nyutat yen ngaran karajaan di bagian kulon pulo Jawa jaman Sri Baduga Maharaja jeung Surawisesa teh karajaan Sunda; sama sakali henteu nyebut ngaran karajaan Pajajaran.
Ngaran Pajajaran sabage karajaan mindeng disebut-sebut ku sumber sekunder mangrupa naskah saenggeus runtagna karajaan Sunda atawa saenggeus ngadegna Kasultanan Banten sarta Kasultanan Cirebon. Jigana ngaran Pajajaran dipake pikeun ngaran wilayah sesa karajaan Sunda minus Banten, Jayakarta sarta Cirebon. Kecap Pajajaran sorangan ngandung harti “tempat diantara jajaran”, cocog jeung kondisi Pakwan (Pakuwuan) puseur dayeuh urut Karajaan Sunda anu aya diantara 2 jajaran susukan jeung dua watu gigilang anu ngajajar. Jadi, sababaraha ahli sajarah nyindekkeun kamungkinan ngaran puseur dayeuh karajaan Sunda dipake pikeun ngaran sesa karajaan Sunda.
Ngan aya beda antara sumber sekunder kasebut jeung sumber primer (warta ti jamanna) boh mangrupa cutatan saksi mata urang Portugis boh mangrupa eusi Prasasti Tugu. Prasasti Tugu sarta saksi mata urang Portugis nyutat yen ngaran karajaan di bagian kulon pulo Jawa jaman Sri Baduga Maharaja jeung Surawisesa teh karajaan Sunda; sama sakali henteu nyebut ngaran karajaan Pajajaran.
Ngaran Pajajaran sabage karajaan mindeng disebut-sebut ku sumber sekunder mangrupa naskah saenggeus runtagna karajaan Sunda atawa saenggeus ngadegna Kasultanan Banten sarta Kasultanan Cirebon. Jigana ngaran Pajajaran dipake pikeun ngaran wilayah sesa karajaan Sunda minus Banten, Jayakarta sarta Cirebon. Kecap Pajajaran sorangan ngandung harti “tempat diantara jajaran”, cocog jeung kondisi Pakwan (Pakuwuan) puseur dayeuh urut Karajaan Sunda anu aya diantara 2 jajaran susukan jeung dua watu gigilang anu ngajajar. Jadi, sababaraha ahli sajarah nyindekkeun kamungkinan ngaran puseur dayeuh karajaan Sunda dipake pikeun ngaran sesa karajaan Sunda.
Sumber :
- Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang.
- Ayatrohaédi, 2005, Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon.
- Saléh Danasasmita, 2003, Nyukcruk sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi..

No comments:
Post a Comment