Basa
Ti Wikipédia,
Nepi ka danget ayeuna aya sawatara tarékah manusa pikeun nyieun wates wangen nu disebut basa tina sawatara jihat, nya éta:
hiji sistim keur ngawakilan banda, tindakan, gagasan jeung kaayaan.
hiji alat nu dipaké keur nepikeun konsép riil maranéhannana kana pikiran manusa séjén
hiji kesatuan sistim harti
hiji kodeu nu digunakeun ku pakar linguistik keur ngabédakeun antara wangun jeung harti.
hiji ucapan nu cocog jeung tata basa nu geus ditetepkeun (conto: kecap, kalimah, jeung séjén-séjénna.)
hiji sistim ngecapkeun nu bakal dipikaharti ku masarakat linguistik.
Basa manusa mangrupa wangun nu patali jeung "basa". Élmu nu neuleuman basa disebut linguistik.
Netepkeun perbédaan utama antara basa manusa nu hiji jeung nu séjénna sering kacida. Chomsky (1986) ngabuktikeun yén sabagéan dialék Jérman ampir sawanda jeung basa Walanda tur teu pati béda sahingga henteu gampang pikeun dipikawanoh minangka basa séjén, hususna Jérman.
Aya sawatara basa artifisial (jijieunan) nu dipikawanoh, salasahijina nya éta bahasa Esperanto. Basa nu dijieun ku L. L. Zamenhof ieu téh nyaéta basa nu mangrupa campuran tina sababaraha unsur basa, hususna basa-basa Roman nu dicampurkeun jeung unsur-unsur Basa Slavia jeung basa-basa Éropa lianna, sarta dipaké pikeun ngagampangkeun diajarna basa marga lantaran tata basana nu basajan.
Basa artifisial séjénna nu mangrupa conlang (constructed language) diantarana nyaéta Basa Interlingua jeung Basa Lojban.
Sawatara pakar kabasaan, kayaning J.R.R. Tolkien, geus nyiptakeun basa rékaan, pikeun tujuan dina widang sastra. Salasahijina basa Quenya, nyaéta hiji wangun basa nu digunakeun ku kaom Elvish. Quenya mibanda abjad jeung istilah husus sarta bisa digunakeun ku manusa. Di sagédéngeun basa Quenya, ogé diciptakeun basa Klingon nu kungsi digunakeun dina film Star Trek.
Basa unggal jalma nu rinéka nyababkeun manusa narékahan pikeun nepikeun éta basa ku sagala rupa cara. Salasahijina ku cara ngagunakeun komputer pikeun narjamahkeun hiji basa ka basa séjénna. Perangkat kawas kieu téh biasa disebut Mesin Panarjamah.
Mesin Panarjamah mangrupa hal nu kalintang diarep-arepna ku para pakar komputer salila ieu. Mimitina mah maranéhna ngiker-ngiker, yén hal sarupa kitu téh bisa dilakonan kalawan babari. Tapi, tétéla karasa hésé dina prak-prakanna mah, nepi ka para pakar komputer téh ngarasa peunggas harepan. Sanajan kitu, kabéhdieunakeun, dina mangsa kiwari perangkat-perangkat panarjamah geus sumebar di pasaran, samalah sawaréhna mah aya nu dikomérsilkeun.
Basa Sunda
Basa Sunda minangka basa nu dipaké kurang leuwih ku 27,000,000 jalma di wewengkon kulon pulo Jawa, atawa 13,6% ti populasi Indonésia.
Basa Sunda kagolongkeun kana famili basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia - Sundik nu mibanda sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:
Banten,
Bogor,
Parahyangan,
Cirebon, jeung
Brebes
Parahiangan, ngawengku sabagian badag Tatar Sunda, minangka dialék utama (basa lulugu) basa Sunda nu diajarkeun ti mimiti Sakola Dasar (SD) nepi ka Sakola Menengah Pertama (SMP), nu ayeuna diajarkeun ogé di SMA sanggeusna kaluar kaputusan ti Gubernur Jawa Barat.
Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sabada basa Jawa. Kalungguhan basa Sunda saméméh kamerdikaan nyaéta salaku basa pribumi. Sabada puseur dayeuh Karésidénan Priangan dipindahkeun ti Cianjur ka Bandung, peranan kota Bandung téh dina ngamekarkeun budaya Sunda beuki undak. Basa Sunda di wewengkon Bandung leuwih undak kalungguhanana ti batan basa Sunda wewengkon séjénna. Samalah dina Lambaran Nagara (Staatsblad) No. 125 Taun 1893, Ayat 6, ditetepkeun yén "basa pribumi anu diajarkeun di sakola nyaéta basa pribumi anu dianggap pangberesihna, saperti keur di sakola-sakola di Jawa Barat kudu Basa Sunda Bandung". Nya ti harita munculna sesebutan basa sakola, nyaéta basa anu diajarkeun di sakola-sakola. Ti dinya sesebutan basa sakola téh robah deui jadi basa lulugu atawa basa baku. Atuh basa Sunda wewengkon Bandung ogé robah jadi basa Sunda lulugu atawa basa Sunda baku. Ari kuduna mah, istilah basa lulugu (baku) téh dipateungteungkeun jeung basa teu lulugu (baku). Ngan pédah dina kahirupan masarakat Sunda muncul istilah basa Sunda wewengkon minangka lalawan tina basa Sunda lulugu téh.
Sajarah
Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)
Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara,Galuh,Kawali,Sunda,jeung Pajajaran Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa. Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda kunao saperti Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, jeung Guru Talapakan. Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasasti
Mangsa II (sabada abad ka-16 M)
Mangsa III (1800-1900 M)
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina Wawacan Panji Wulung taun 1876).
Mangsa IV (1900-1945 M)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan(1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).
Mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah "Sunda kamalayon" geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).
Fonologi
Unggal basa diwujudkeun ku sora. Ku kituna, ulikan sora basa atawa tata sora sok dijadikeun dasar ulikan tulisan atawa tata aksara. Sora nu diulik téh teu sagawayah, tapi sora nu diwangun ku alat ucap, anu sok disebut sora basa (fon). Sora basa aya nu béda kadéngéna, aya anu mirip. Sora basa anu kadéngé béda atawa mirip tur bisa ngabédakeun harti kecap disebut foném. Foném so ditulis di antara dua gurat condong /.../. Upamana baé, sora /a/, /i/, /u/, /o/, jeung /e/ dina basa Sunda mangrupa foném lantaran opatanana bisa ngabédakeun harti kecap. Geura tengetan contona dina pasangan minimal ieu di handap.
/batak/
/batik/
/batuk/
/batok/
/batek/
Foném dina basa Sunda bisa mibanda rupa-rupa ucapan luyu jeung tempatna dina engang atawa kecap, ilaharna teu ngabédakeun harti. Variasi ucapan foném anu teu ngadédakeun harti disebutna alofon, sarta sok ditulis di antara dua kurung siku [...]. Upamana baé, sora /o/ dina kecap boboko jrung dina kecap noong aya bédana. Sora /o/ anu kahiji mah gembleng [o]; ari anu kadua mah teu gembleng, semu ngirung [ɔ].
Kiwari, sakumaha di sakabéh wewengkon Indonésia, basa Sunda ditulis dina aksara Latin. Aya tujuh sora vokal: a, e (pepet), é, i, o, u, jeung eu; tanpa diftong. Konsonan kawakilan ku aksara b, c, d, g, h, j, k, l, m, n, p, r, s, t, w, y, ny, jeung ng. Konsonan séjén nu datang ti basa deungeun, misalna basa Arab atawa basa Inggris, lolobana dialihbasakeun kana konsonan utama tadi: f -> p, v -> p, sy -> s, sh -> s, z -> j, jeung kh -> h.
Tata Basa
Tata basa Sunda kaasup anu basajan dibandingkeun basa-basa lainna. Aya sawatara ciri basa Sunda, nyaéta:
taya parubahan kecap dumasar waktu, anu dina basa Inggris disebut tenses. Pikeun nangtukeun waktu, kalimah cukup diwuwuhan ku sawatara kecap saperti kamari,ayeuna, tadi, jsb.
teu ngabogaan gender dina kecap-kecapna. Kukituna taya parobahan dina kecap-kecapna lantaran ditujukeun ka gender nu béda.
Sistem Tinulis
Dina sajarahna, basa Sunda kungsi ditulis ku rupa-rupa aksara, diantarana:
aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.
Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.
Tata Krama
Tatakrama minangka hiji hal anu ogé leket dina basa Sunda, utamana dina dialék utamana (Parahiangan). Sanajan sawatara nonoman Sunda kiwari nganggap yén diajar tatakrama basa Sunda téh hésé, tatakrama tetep diajarkeun di sakola-sakola lantaran ku tatakrama ieu diharepkeun sikep silihormat jeung silihajénan.
Gaya Basa
Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:
ngupamakeun (similé)
lalandian (métafora)
mijalma (personifikasi)
rautan (eufimisme)
ngasor (litotés)
rarahulan (hiperbol)
kadalon (pleonasme)
silib-sindir (alégori)
mindoan (repetisi)
Sastra
Basa Sunda euyeub ku rupa-rupa karya sastra, boh anu klasik atawa anu moderen, diantarana:
mantra/jampe jeung jangjawokan
sisindiran, paparikan, wawangsalan, sésébréd
pupuh
kakawihan
guguritan
pupujian
wawacan
carita pantun
dongéng
carita pondok
novel
drama, jeung
sajak atawa puisi.
fiksimini
Kalimah (basa Sunda)
Ti Wikipédia,
Wangun Kalimah
Kalimah Salancar
Kalimah salancar diwangun ku hiji jejer (J) jeung hiji caritaan (C).
- Upama kalimah salancar diwuwuhan ku katerangan, hiji atawa leuwih (K+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Jembar.
- Upama jejer atawa caritaan wungkul, atawa diwuwuhan ku obyék, hiji atawa leuwih (O+), ieu kaasup kana Kalimah Salancar Basajan.
Kalimah Salancar | Pola | Conto | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Basajan | J C (O+) |
| ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Jembar | (K+) J C (O+) (K+) |
|
Dina kalimah salancar jembar, rupa-rupa katerangan anu bisa diwuwuhkeun bisa dipasing jadi sababaraha rupa, nyaéta
- katerangan waktu, maké kecap-kecap panuduh waktu saperti kamari, ayeuna, isuk, wanci, jam, jsb.
- katerangan tempat:
- maké kecap-kecap pangantét: ti, di, ka, nepi ka, dina.
- maké kecap-kecap rundayan rarangkén tukang -eun: hareupeun, wétaneun, katuhueun, jsb.
- katerangan tujuan, maké kecap-kecap pangantét: pikeun, demi, enggoning.
- katerangan alat, maké kecap-kecap pangantét anu hartina maké: ku, kana.
- katerangan sabab, maké kecap-kecap pangantét: sabab, lantaran
- katerangan babandingan, maké kecap-kecap pangantét: jiga, kawas, saperti, cara
- katerangan panyarta, maké kecap-kecap jeung, babarengan jeung, dituturkeun ku barang anu boga nyawa atawa dianggap boga nyawa.
Kalimah Ngantét
Kalimah ngantét (id:kalimat majemuk) diwangun ku dua kalimah atawa leuwih anu dikantétkeun atawa diréndonkeun. Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:
- Kalimah ngantét satata, nyaéta upama kalimah-kalimah panyusunna satata atawa sadarajat.
- Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah luluguna jeung aya kalimah sélérna.
Kalimah ngantét satata ngabogaan pola: p(K+) p(J+) C p(O+) p(K+)
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan | Conto |
---|---|
1. Hubungan nambah
|
|
2. Hubungan lalawanan
|
|
3. Hubungan pilihan
|
|
Dina kalimah ngantét sélér-sumélér, kalimah lulugu nyaéta anu ngabogaan pola samodél kalimah salancar. Sedengkeun kalimah sélérna ngabogaan fungsi pikeun ngajembaran salah sahiji élémén kalimah lulugu, bisa dina jejerna, obyekna, atawa kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh maké baju batik. (B) Awéwé téh geulis kacida.
Gumantung kana kumaha nyélérkeunana, (A) atawa (B) bisa jadi kalimah lulugu.
(A) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu geulis kacida téh maké baju batik."
(B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh geulis kacida."
Gumantung kana kecap panyambungna (p), bisa disusun sababaraha hubungan:
Hubungan | Conto |
---|---|
1. Hubungan waktu: saprak, ti mimiti, basa, nepi ka, saméméh, sanggeus, waktu, jsb.
|
|
2. Hubungan sarat: saupama, lamun, asal, jsb. | Manéh pasti junun sakola lamun diajarna rajin. |
3. Hubungan tujuan: sangkan, supaya, ambéh | Ambéh teu ceurik deui, budak téh dipangku geura. |
4. Hubungan babandingan: saperti, ibarat, kawas, tibatan | |
5. Hubungan sabab: sabab, lantaran, alatan | |
6. Hubungan akibat: nepi ka, akibatna, nu matak, ku kituna | |
7. Hubungan cara: kalawan, ku cara, bari | |
8. Hubungan kanyataan: padahal, ari, sedengkeun | |
9. Hubungan pangjéntré yén | |
10. Hubungan atributip: anu ..., nu ...-na | |
11. Hubungan konsésip: sanajan, sakumaha/kalah kumaha/naon/saha .. (baé) ogé |
Fungsi Kalimah
Kalimah Wawaran
Dina conto-conto kalimah salancar jeung kalimah ngantét saacanna, kabéhanana mangrupa kalimah wawaran, nyaéta kalimah anu ngawawarkeun atawa ngabejaan ka batur ngeunaan hiji kajadian atawa kalakuan.
Kalimah Pananya
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu ngabogaan fungsi pikeun nanyakeun hiji hal, bisa mangrupa jalma, kajadian, kalakuan, sabab, jsb.
Pikeun ngawangun kalimah pananya, aya sababaraha cara:
(1) Lentong (id:intonasi) dirobah jadi lentong kalimah pananya jeung dina tulisan ditungtungan ku tanda tanya.
|
(2) Maké kecap naha enya di hareupeun kalimah wawaran.
|
(3) Malikkeun susunan kalimah wawaran, anu asalna J C, jadi C J.
(4) Maké kecap pananya, gumantung kana anu rék ditanyakeunana.
|
(5) Maké kecap lain atawa sanés (ragam hormatna)
|
pananya jalma:
- saha mamah na aji?
- saha nuteu milu upacara poe senen kamari?
Kalimah Paréntah
Kalimah paréntah nyaeta kalimah anu eusina mah nitah ka nu lian sangkan migawe pagawean. Kalimah parentah sok ditungtungan ku tanda panyeluk (!)
Kalimah parentah bisa dipasing-pasing jadi sababaraha bagian, saluyu jeung eusi atawa maksud nu dikandungna:
A. Kalimah Panitah
Contona:
- Tutupkeun pantona, Mang!
- Pareuman televisi teh!
- Cangcang domba teh!
B. Kalimah Pangajak
Contona:
- Jun, maen bal, yu!
- Meuli tahu, yu ah!
- Hayu urang diajar ngadongeng!
C. Kalimah Pangharepan
- Mugi anjeun enggal damang.
- Muga-muga urang jadi juara kahiji.
- Mugi-mugi sadaya siswa VIII tiasa naek kelas.
D. Kalimah Panyaram
- Ulah diuk di jalaneun, atuh!
- Ulah kitu, atuh!
- Teu kenging hitut di kelas, bau!
E. Kalimah Pangjurung
- Jung geura salin ari rek milu ka Bogor teh.
- Sok geura diajar ti ayeuna!
- Bakal dipasihan geura upami nyuhunkeun mah.
F. Kalimah Panggeuri
- Anu sabar we, lamun bapa anjeun keur teu damang.
- Sing tabah, nya, urang mah jalma teu boga.
- Sabar, nya, lamun nyanghareupan masalah teh.
Wanda Kalimah
Kalimah Aktip jeung Pasip
1. Kalimah aktif nya éta kalimah anu jejerna migawé hiji pagawéan.
- Contona: Titi meuli daging.
2. Kalimah pasif nya éta kalimah anu jejerna kakeunaan hiji pagawéan.
- Contona: Daging dibeuli ku Titi.
Kalimah Resiprokatif/Babalesan
Kalimah resiprokatif nyaeta kalimah anu subyekna migawe pagawean kalawan pabales-bales. Titenan contona:
- Dion jeung Doni mah silih toel.
- Ulah silih ciwit bae bisi ceurik.
- Saha eta nu keur patarik-tarik lumpat di lapang?
Kalimah-kalimah diluhur teh nuduhkeun pagawean anu pabales-bales. Rarangken anu digunakeun dina caritaan kalimah nyaeta silih- jeung pa- + dwilingga
# Asupkeun téks tanpa format di dieu * # Baris isi * == Baris isi == ===Kalimah Langsung jeung Teu Langsung===
- Kalimah langsung nyaeta kalimah nu dikedalkeun langsung ku panyaturna. Kalimah langsung sok ditulis (dihapit) make tanda kekenteng ("...")
Conto: Ceuk Icih, " Jang, pangmeserkeun patlot ka warung!"
- Kalimah teu langsung nyaeta kalimah anu heunteu dicaritakeun langsung ku panyaturna, sipatna naratip (nyaritakeun)
Conto: Icih nitah ka si Jajang yen manehna hayang dipangmeserkeun patlot ka warung.
Kalimah Transitip jeung Intransitip
Kalimah Sampurna jeung Teu sampurna
Warna Kalimah
Kalimah Barang
Kalimah barang nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap barang.
Conto:
Conto:
- Si Udin téh jadi panumbu catur dina acara paturay tineung.
- Singhoréng bapana téh dokter.
- Témbokna beton kabéh.
Kalimah Pagawéan
Kalimah pagawéan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap pagawéan.
Contona :
Contona :
- Budak keur dahar.
- Nina ceurik.
- Barudak sakola keur dialajar.
Kalimah Sipat
Kalimah sipat nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap sipat atawa kaayaan.
Contona:
Contona:
- Buluna bodas.
- Budak téh bageur.
- Dudu gering.
Kalimah Bilangan
Kalimah bilangan nya éta kalimah anu caritaanana mangrupa kecap bilangan.
Contona:
Contona:
- Paingan anakna loba.
- Daharna téh ngan ukur sapiring leutik.
- Jerona kurang leuwih 1000 méter
No comments:
Post a Comment